Minggu, 09 Juni 2013

sasak pegat



Ti wanci sore keneh hujan teh geus ngagebret meni teu eureun-eureun, sora guludug awor patembalan jeung seahna sora angin nebak kana tangkal awi pipireun masjid jeung baledesa. Ambu minah meni elekesekeng teu daek cicing bari ngaguyah-guyah awak salakina nu keur ngarengkol bari di harudung sarung bakating teu kuat ku tiris.

"bapana geura hudang atuh !, kumaha ieu teh si nyai wanci kieu can mulang keneh ti sakolana ?" ceuk ambu minah bari anger ngaguyah-guyah awak salakina.


"heuh si ambu mah ngaganggu wae salaki nu keur ngeunah sare, insya Allah moal kunanaon si nyai mah apan biasa nage sok ngendong  di imah baturna nu deukeut sakola lain ari hujan gede kieu teh? jawab abah Rana bari angger bae ngarengkol.


"tapi kunaon nya bapana, ieu hate ambu mani tingseredet bae, melang pisan ka si nyai, kumaha atuh bapana?" ceuk ambu Minah bari  carindakdak.


"Naha ari si ambu kalah ka leweh, eling ieuh ulah sok kabawa ku sakaba-kaba, Insya Allah moal kunanaon si nyai mah" ceuk abah Rana bari ngabeberah ambu Minah.


            di luar hujan teh mimiti raat, angin oge teu pati ngagelebug, lapat-lapat kadenge sora kohkol di tihtirkeun ti lebah bale desa di tema ku sora nu gogorokan.


"batur-batur geura hudang, sasak pegat, sasak pegat" ceuk eta sora hawar-hawar bari angger nakolan kohkol.


"hah, sasak pegat" ceuk abah Rana bari ngorejat.


"aduh, bapana kumaha atuh nasib si nyai?" ceuk ambu Minah bari nyusutan cimata.


"geus tenang heula ambu, angguran mah geura cokot dudukuy jeung senter, abah rek ka bale desa heula" ceuk abah Rana bari menerkeun sampingna.


"mangga atuh bapana" ceuk ambu Minah bari ngaleos ka tukang rek nyokot dudukuy abah Rana.


"geus ambu mah cicing wae, tungguan imah, ulah milu" ceuk abah Rana bari muka panto.


"mangga" jawab ambu Minah


gidig abah Rana leumpang ngalerkeun nuju ka bale desa, barang anjog jalma-jalma geus kumpul hareupeun bale desa, jol kuwu jeung erte datang bari di kukuyung ku jas hujan nu baseuh keneh.


"para wargi sadayana, hapunten upami sim kuring ngaganggu ka para wargi nu nuju kulem, kumargi hal ieu teh kacida pentingna pisan, nyaeta ngeunaan kaayaan sasak urang nu pegat, kumargi sasak eta teh nu jadi tali paranti nu ngahubungkeun desa urang jeung kacamatan katut desa anu liana, ku kituna sim kuring ngayakeun rapat dadakan minangka nyieun kacindekan naon  nu kudu di gawean ke isuk, jadi wayahna pikeun nu gaduh padamelan di perekeun heula,  ke isuk mah wajib ngabantuan pikeun ngawangun deui eta sasak" ceuk pa kuwu panjang lebar, nu kacindekan namah ngajak warga Desa pikeun nyieun sasak anu anyar.


"mangga pa kuwu, mangga" ceuk warga desa panuju.


sanggeus rengse rapat, warga marulang deui ka imahna sewang-sewangan.


"aduh kumaha nasib anak aing ieu teh, sasak pegat, teu bisa balik meureun" ceuk abah Rana ngagerentes na jero hatena.


isuk-isuk keneh warga desa geus ngumpul di bale desa bari saged mawa pakakas pikeun nyieun sasak anyar, ku lantaran sasak Citiis teh lumayan  panjang, jadi bahan nu perlukeun teh lumayan loba. pa kuwu jeung erte katut perangkat desa nu sejena sibuk ngatur warga jeung bahan pikeun nyieun sasak.


" hapunten pak Kuwu, abdi mah teu tiasa ngabantos nyieun sasak" ceuk abah Rana ngomong ka kuwu.


"nya kunaon kitu abah ?" jawab pa kuwu

" puguh abdi teh rek ngajemput si nyai ka kacamatan, da dinten kamari teh teu mulang, panginten ngendong di rerencanganana" jawab Abah Rana mani dareuda.

"mangga atuh abah, teu sawios-wios" jawab pa kuwu


sanggeus narima idin ti kuwu, bral abah Rana miang, nu maksud rek ngajemput anakna nu ngarana Imas Rosiana tea, ngan wayahna kudu turun ka walungan tea sabab sasak Citiis teh geus pegat.


cunduk ka kacamatan abah Rana teh kaget, sabab hareupeun imah batur anakna mani ngagimbung jalma 


"aya naon ieu teh kang ?", tanya abah Rana nanya ka hiji lalaki nu nangtung sisi jalan.

" oh eta abah, rompokna pa Didi  katinggang tangkal rambutan nu rungkad katebak angin tadi wengi" jawab eta lalaki.
"hah, katinggang tangkal rambutan, mangkaning eta tangkal rambutan teh gede pisan,  aduh kumaha nasib anak aing" gerentes abah Rana, teu antaparah belenyeng manehna lumpat ka lebah imah pa Didi.

"heup, abah teh rek kamana ?" ceuk pulisi nu aya di pinggir jalan nanya ka abah Rana.

"ieu bapa pulisi, abah teh rek ka rompokna pa Didi" ceuk abah Rana mani hariweusweus.
"ari abah sahana pa Didi ?" ceuk eta pulisi nanya deui.

barabat abah Rana cumarita ka eta pulisi panjang lebar.


"oh kieu abah, pa Didi sareng kulawargana teh nuju di candak ka rumah sakit, ku lantaran rompokna ka tinggang tangkal rambutan, duka kaayaana teh kumaha, da abdi mah  nembe dugi, tadi di candakna ku rerencangan abdi" ceuk eta pulisi ngajelaskeun.


"aduh kumaha atuh nasib anak abah?" ceuk abah Rana bari carindakdak.


"kieu wae abah, abah bujengan bae rumah sakitna tea, tuh rumah sakit nu sisi SMA Karya Bhakti" ceuk eta pulisi.


"mangga atuh, hatur nuhun pak" ceuk abah Rana, tuluy manehna nu ju ka rumah sakit, kapaksa naek ojeg kulantaran hayang buru-buru nepi.


sanggeus nepi gancang abah Rana tatanya ka petugas eta Rumah sakit, sanggeus kapanggih kamarna, langsung wae abah Rana teh nuju ka eta rohangan nu di sebutkeun ku petugas.


"nyai" ceuk abah Rana ngagabrug anakna nu keur diuk gigireun Nani anakna pa Didi tea.

"abah", ceuk Imas bari ngarangkul bapana.
"teu sawios-wios Imas mah abah, ngan ukur tatu saeutik" ceuk imas bari nembongkeun leungeuna nu di perban"

"muhun abah teu sawios-wios Imas teh, ulah hariwang, abdi ge sakulawargi alhamdulillah salamet, ngan ukur lalecet wungkul" saur pa Didi ngabeberah abah Rana.


"alhamdulillah ya Allah anak abdi masih salamet" ceuk abah Rana bari rambasbas ku cimata.


" kumaha ieu teh caritana pa nepi ka kieu teh" tanya Abah Rana nanya ka pa Didi.

" kieu abah, tadi wengi teh waktos tangkal rambutan rungkad teh abdi nuju araya di palengker nuju ngaliwet, eta pun anak ngajak wae ngaliwet ti sore keneh, kabeneran Imas ngendong jadi aya baturna, jadi alhamdulillah tangkal rambutan teh rungkadna ninggang ka ruang tamu, jadi abdi sadaya teh nuju aya di pengker, ngan ieu wae lalecet keuna kana kayu nu ninggang, untung teu nanaon" ceuk pa Didi nyaritakeun kajadian tadi peuting.

"alhamdulillah ari salamet sadayana mah, hatur nuhun pa Didi kersa di ririweuh ku si nyai" ceuk abah Rana 

"sawangsulna abah, abdi ge hatur nuhun pisan Imas sok kersa ngendong di rorompok teh, karunnya ka pun anak teu gaduh deui rerencangan, atuh ayeunamah da tos puguh Imas teh salamet, bilih bade mulih mah mangga" jawab pa Didi 

"tapi kumaha atuh rorompok pa Didi" ceuk Abah rana deui.


" teu sawios-wios abah, da aya deui rompok nu palih kaler, wios nu rusak mah tiasa di hadean deui" saur pa Didi 


" hatur nuhun atuh pa" saur Abah Rana

"sami-sami abah" jawab pa Didi.

Sanggeus pamitan ka pa Didi sakulawarga abah Rana mulang deui ka lemburna, bari nungtun Imas


" hayu nyai mulang, karunya ka ambu maneh ceurik bae" ceuk abah Rana.

"mangga abah" ceuk imas.

Sajajalan Abah rana teu kendat-kendat maca alhamdulilah muji syukur ka pangeran nu tos nangtayungan anak nu ngan hiji-hijina tea. 


  





Tidak ada komentar:

Posting Komentar